Jampé Mandi
Cur mancur dzat cahaya
Tunggul hurip tangkal hurip
Hurip awak aing
Asihan
Asihan aing Si Leugeut Teureup
Ti teuteul ti amburateul
Mangka eunteup mangka asih
Asih ka awak aing
Jangjawokan Angkat-angkatan Murangkalih
( Mantara bepergian anak kecil )
1
Nini koronyok kosong
Aki koronyok kosong
Mangosongkeun jalan aing
Ulah kosong-kosong teuing
Eusina sukma jeung bayu
2
Nini juwal-jawil
Aki juwal-jawil
Ulah ngajawil suku aing
Ngajawil gé heunceut Anjing
Jampé Ibak
( Mantra Mandi )
Niat isun adus
Ing talaga enur
Adusan badan rohani
Roh madep maring Alloh
Laillahaillolloh Muhammadarrosullulloh
Jampé Bobo
( Mantra Tidur )
Dug turu gulingan jati
Badan turu ati tanghi
Nyawa muji angen éling
Roh madep ka Alloh
Tutulak bayu tutulak
Tulak sungsang tutunjangan
Tulak tanggul sisirahan
Istan saparan-paran
The Most Trimless-And-Trimless-And-Trimless-And-Trimless-And-Trimless-And-Trimless
BalasHapusA unique and entirely titanium exhaust tubing unique cosmetic procedure that is used to titanium flask maximize urban titanium metallic the titanium shift knob number raft titanium of patients and increases productivity.